Antara ramalan jeung kanyataan….
Ieu uga teh eusina ramalan ngeunaan
jalan kahirupan politik jeung pamarentahan nagara urang ti kawit tilemna
Pajajaran tug dugi ka kiwari. Dina ieu uga urang sarerea bakal bisa
nyaksian kumaha kalinuhungan elmu Prabu Siliwangi anu geus bisa nganjang ka pageto
saperti anu bisa nganyahoankeun kana kajadian anu bakal tumiba ka
sakumna rahayat sunda khususna jeung Indonesia umumna. Kumaha ari sikep
urang, naha kudu percaya atawa ulah? Ngeunaan hal ieu mah baralik deui
ka pribadi masing-masing. Ngan anu kudu ku urang sarerea diemutan, ieu
uga teh salah sahiji warisan karuhun sunda anu kacida berhargana.
Carita Pantun Ngahiangna Pajajaran
Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!
Saur Prabu Siliwangi ka balad Pajajaran
anu milu mundur dina sateuacana ngahiang : “Lalakon urang ngan nepi ka
poe ieu. Najan dia kabehan ka ngaing pada satia, tapi ngaing henteu
meunang mawa dia pipiluen, ngilu jadi balangsak, ngilu rudin bari lapar.
(((((Kalalakonkeun Prabu Siliwangi Raja
Pajajaran dina waktos bade mundur, tapi satueacana mundur, Prabu
Siliwangi masihan amanat ka sakumna wadia balad Pajajaran anu masih
keneh satia. Didieu Prabu Siliwangi mintonkeun tanggung jawab sareng
kawijaksanaan anu kacida luhung salakuning Raja, anjeuna teu bade
ngalibetkeun rahayat pikeun tetep tumut sareng ngabdi mertahankeun
Pajajaran tapi bari kaayaan sangsara. Prabu Siliwangi nyarios…………)))))
Dia mudu marilih, pikeun hirup
kahareupna, supaya engke jagana jembar senang sugih mukti, bisa
ngadegkeun deui Pajajaran. Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu
anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku obahna jaman;
Pilih: ngaing moal ngahalang-halang.
Sabab pikeun ngaing, henteu pantes jadi raja amun somah sakabehna lapar
bae jeung balangsak.
Darengekeun:
Nu dek tetep ngilu jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul;
Anu hayang balik deui ka dayeuh nu ditinggalkeun, geura misah ka beulah kaler;
Anu dek kumawula ka nu keur jaya, geura misah ka beulah wetan;
Anu moal milih ka saha-saha, geura misah ke beulah kulon;
(((((Prabu Siliwangi masihan papagon ka
sakumna wadia balad, pikeun milih geusan hirup lumaku sabadana Pajajaran
tilem. Prabu Siliwangi ngabagi wadia balad pikeun milih/misah ka opat
arah :
Ka wadia balad anu masih tetap satia,
kudu misah ka beulah kidul. Dina ieu uga, aya kamungkinan kidul
(selatan) dihartoskeun wilayah priangan timur nyaeta wewengkon Ciamis,
Tasikmalaya, Garut sabab ti ieu wewengkon asal lahirna Pajajaran (Galuh
Ciamis) terus ngalih ka Tasikmalaya, ti Tasikmalaya teras ka Bogor.
Ka wadia balad anu seja balik ka dayeuh
(kota) anu ditinggalkeun, Prabu Siliwangi marentahkeun kanggo misah ka
beulah kaler. Dina ieu uga, aya kamungkinan kaler dihartoskeun wilayah
Bandung, Bogor jeung Sumedang, nya didieu pisan tempat ngadegna Karajaan
Pajajaran (Bogor), anapon Sumedang dugi ka kiwari ieu wewengkon teh
masih satia nyekel deleg jeung nanjeurkeun kabudayaan Sunda dina wangun
seni, budaya sareng carita kasundaan anu masih keneh asli titinggal
Karajaan Pajajaran.
Ka wadia balad anu seja kumawula kanu
keur jaya, Prabu Siliwangi marentahkeun misah ka beulah wetan. “Ka nu
keur jaya”, ieu kecap teh nunjuk ka karajaan Majapahit di wewengkon Jawa
anu mangsa harita keur jaya-jayana ngawasa saantero nusantara. Tug dugi
ka kiwari wadia balad Majapahit (urang Jawa) masih tetep ngawasa di
Nusantara utamana dina widang politik jeung pamarentahan, nya sabagianna
aya oge balad Pajajaran anu milu. Malah nu lain urang Jawa mah sok
ngaheureuykeun yen nagara Indonesia mah teu aya, aya ge nagara Jawa,
atanapi luar Jawa tapi di Jawakeun (Jawanisasi). Keur jalma nu diajar
sajarah katut neuleuman elmu-elmu sosial ieu geus aneh..sabab salah
sahiji bibit ruwit muculna masalah separatisme teh nya ieu poko
pangkalna.
Ka wadia balad anu moal milih ka saha-saha, geura misah ka beulah kulon.
Kulon didieu nyaeta wewengkon beulah
kulon Jawa Barat, utamana Banten. Nya wadia balad anu milih teu milih ka
saha-saha antuknya misah tur ngahiji dina ieu wewengkon, aya
kamungkinan anu dimaksad ku Prabu Siliwangi teh nyaeta masyarakat Baduy
anu dugi ka kiwari masih hirup kalayan nyekel pageuh kana papagon
karuhun, malah agamana oge masih agama asli, Sunda Wiwitan.)))))
Darengekeun:
(((((Dina bagean ieu, Prabu Siliwangi masihan pepeling ka sakumna wadia balad Pajajaran.)))))
Dia nu di beulah wetan, masing nyararaho
: kajayaan milu jeung dia; nya turunan dia anu engke bakal marentah ka
dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal kamalinaan.
Engke bakal aya balesna. Jig geura narindak !
(((((Ieu pepeling Prabu Siliwangi teh
dugi ka kiwari ku urang bisa kasaksian. Anu jadi pamingpin di nagara
urang lolobana urang Jawa. Sukarno, Suharto, Gus Dur, Megawati, SBY
sadayana urang wetan (Jawa). Anapon kitu deui anu nyekel kakawasaan
marentah di pamarentahan puseur oge kalolobaanna urang Jawa. Ngan
hanjakal ieu pamingpin turunan wetan teh memang bener-bener “kamalinaan”
jeung goreng tungtung, di ahir kakawasaanna sok dijungkirkeun batur (suul khotimah);
Sukarno, Suharto, Gus Dur, Megawati di ahir waktu kakawasaannana
ngajuralit ku cara anu teu terhormat. Mun ningali kana sajarah, bangsa
urang mah jiga anu disupata, jalma loba nu silih ala pati jeung silih
rogahala pikeun marebutkeun kakawasaan. Urang tangtu masih inget kumaa
Ken Arok ngala pati empu anu nyieun keris pusaka ku lantaran hayang jadi
raja singosari? Anu antukna mah singosarina ancur, manehna nelasan pati
ku kerisna sorangan. Ieu jalma ti wetan teh jaradi pamingpin anu luhur
tapi kahirupan rahayat susah jeung balangsak wae)))))
Dia nu di belah kulon; papay ku dia
lacak Ki Santang! Sabab engkena turunan dia jadi panggeuing ka dulur
jeung ka batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang sauyunan,
ka sakabeh nu rancage di hatena.
Engke jaga mun tengah peuting, ti gunung
Halimun kadenge sora tutunggulan, tah eta tandana : saturunan dia
disasambat ku nu dek kawin di Lebak Cawene. Ulah sina talangke. Sabab
talaga bakal bedah; Jig, geura narindak ! Tapi ulah ngalieuk ka tukang !
(((((Wadia balad anu misah ke beulah
kulon, bisa ku urang dititenan tug dugi ka kiwari ariyana teu kabawa ku
sakaba-kaba, ariyana tetep teguh teu milu jeung teu di parentah ku
sasaha. Najan nu marentah ieu nagara wadia balad ti Wetan, ariyana mah
teu pernah bener-bener bisa ditalukeun, makana ariyana dina nyorang
kahirupan teh pinuh ku katengtreman, jauh tina mumusuhan, cocok mun jadi
panggeuing ka batur anu keur ka sasar lampah.
Ari anu dimaksud “papay ku dia lacak ki
Santang” ieu ngenaan kana sajarah Kiansantang, putra mahkota Prabu
Siliwangi anu lebet Islam. Ki Santang dina uga ieu oge bisa ditafsirkeun
umatna Rasulullah SAW ngalangkungan Prabu Kian Santang anu napak tur
nagajalankeun ajaran Sunan Kalijaga (Banten) sareng Sunan Gunung Jati
(Cirebon). Perlu oge diemut yen alur sajarah Kaislaman di tatar Pasundan
teu tiasa di leupaskeun tina dua Kasultanan ieu, Banten jeung Cirebon.
Kasultanan Banten ciri utamana Islam kalawan disipuh ku elmu pangaweruh
kadigjayaan sedengkeun Cirebon corak Kaislaman anu disipuh ku elmu
kabatinan, mirip corak Kaislaman di tanah Jawa. Ku kituna tong heran mun
wadia balad Pajajaran anu aya di beulah kulon miboga warisan elmu
pangaweruh anu langka dipiboga ku wadia balad anu lian.
Ngan ngeunaan siloka ti gunung halimun…………… eta dugi ka ayeuna can tiasa kabuka maksudna)))))
Dia nu marisah ka beulah kaler; darengekeun!
Dayeuh ku dia moal kasampak, ngan ukur
tegal baladeuhan. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu
pangkat, bakal luhur di pangkatna, tapi moal boga kakawasaan. Ariyana
engke jaga, bakal kasendeuhan batur. Loba batur tinu anggang tapi batur
nu sarusah jeung batur nu nyusahkeun. Sing waspada!
(((((Kecap Prabu Siliwangi ieu geus bisa
dibuktikeun dina alam kiwari. Bandung, Bogor, Sumedang, dugi ka Bekasi,
depok, Jakarta, tempat wadia balad Pajajaran di beulah kaler ayeuna
geus jadi salah sahiji wewengkon pendidikan, pusat bisnis Jawa Barat
jeung ibukota nagara. Didieu ngadeg mangrupa-rupa
Universitas/Institut/Sekolah Tinggi tingkat
Daerah/Nasional/Internasional. Wewengkon kaler ayeuna geus loba
kasendeuhan (kadatangan) batur, jutaan mahasiswa jeung pendatang anu ti
siklakna ti siklukna, anu ti jero pulau anu ti luar pulau dugi ka luar
nagri tumplek ngahiji di wewengkon ieu. Ari wadia balad Pajajarana
kamarana? Jaradi somah (semah=nu boga imah tapi teu boga nanaon, ngan
saukur bisa ningalikeun batur). Ngeunaan pangkat? Loba terah Pajajaran
ti beulah kaler –utamana sumedang– anu luhur di pangkatna, malah aya anu
jadi wakil presiden ngan hanjakal teu boga kakawasaan anu nyata, teu
bisa mere parentah anu ditumut ku saeusi nagara, sabab kakawasaan tetep
di cekel ku urang wetan (Jawa))))).
Sakabeh turunan dia ku ngaing bakal
dilanglang. Tapi, ngan di waktu nu perlu. Ngaing bakal datang deui,
nulungan nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan anu hade laku
lampahna. Mun ngaing datang moal kadeuleu, mun ngaing nyarita moal
kadenge.
Memang ngaing bakal datang. Tapi ngan ka
nu geus rancage hatena, kanu weruh disemu anu saestu, anu ngarti kana
wangi nu sajati jeung nu surti lanti pikirna, nu hade laku lampahna.
(((((Ieu kecap Prabu Siliwangi teh
ngagaduhan maksad yen prabu Siliwangi jeung Pajajaran bakal tetep hirup
dugi ka kiwari ngan lain dina wujud bungkeuleukan (jasadiah) tapi dina
wangun tetap lestarina sajarah jeung elmu pangarti kasundaan warisan ti
karuhun-karuhun sunda. Tapi ieu elmu kasundaan teh moal bisa sambarangan
dipibanda, teu sakabeh wadia balad Pajajaran bakal mampuh ngawasa
sajarah jeung ngarti kana ieu elmu. Ngan saukur jalma anu ngabogaan hate
anu bersih tur pinuh ku sumanget (rancage hatena); ngabogaan elmu jeung
pangabisa anu luhung (dunya & agama) (weruh disemu); pinter tapi
heunteu guminter jeung kabalinger, ngarti kana sajatina elmu, ngabogaan
kawijaksanaan anu luhur, jeung ka nu ngabogaan pola pikir anu cerdas
tur bener-bener ngarti kana masalah anu aya (surti lanti pikirna) jeung
nu hade laku lampahna. Jelas didieu ngan wadia balad anu bisa nyumponan
eta syarat anu bakal miboga kakuatan jeung kawijaksanaan sapertos Prabu
Siliwangi, jadi ruh Pajajaran moal turun jeung dipiboga ku sambarangan
jalma sanajan urang sunda oge, da teu sakabeh urang sunda ngabogaan eta
ciri. Singketna ngan wadia balad anu geus kabuka hijabna anu bakal
didatangan ku kawijaksanaan Prabu Siliwangi ))))).
Mun ngaing datang : teu ngarupa teu
nyawara, tapi mere ciri ku wawangi. Ti mimiti poe ieu, Pajajaran leungit
ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit ngarana. Pajajaran moal
ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti nu kari,
bakal rea nu marungkir!
(((((Pajajaran dina wangkit ieu TILEM.
Tilem hartina leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Pajajaran runtuh
tapi runtuh lain diancurkeun atawa dielehkeun ku karajaan/bangsa sejen
termasuk ku Majapahit (wetan). Pajajaran leungit ku sabab hayang
leungit. Ku kituna mun dina sajarah ayeuna disebutkeun yen Mahapatih
Gadjah Mada ti karajaan Majapahit geus hasil ngahijikeun Nusantara dina
raraga ngawujudkeun sumpah palapa. Eta salah!! Aya hiji karajaan anu teu
bisa ditalukeun ku Gadjah Mada nyaeta Pajajaran. Dina naskah Pustaka
Rajyarajya i Bhumi Nusantara II/2 dilalakonkeun yen sawaktos Perang
Bubat (perang antawis Pajajaran ngalawan Majapahit) Sri Baduga gegentos
Prabu Wangi (anu salajengna katurunannana disebat Prabu Siliwangi) seeur
ngabinasakeun musuhna, kumargi sang Prabu Maharaja salian ti pinter
dina elmu perang oge pinter dina ngagunakeun rupa-rupa elmu senjata,
Sang Prabu Maharaja teu hoyong mun nagarana (Pajajaran/Jawa Barat)
diparentah tur dijajah ku bangsa lian. Antukna Sang Prabu Maharaja gugur
sareng sadaya baladna di medan perang, tapi Mahapatih Gajah Mada oge
kawon lantaran tatu ku keris Putri Dyah Pitaloka, anu eta tatu moal bisa
dicageurkeun (ngeunaan sajarah Perang Bubat aya fakta anu diputer
balik, tapi alhamdulillah geus aya sumber ti salah saurang tokoh Sunda
anu menerkeun deui kana jalan sajarah Kasundaan, langkung jelasna mah ku
sim kuring bakal diserat ulang dina ieu blog). Tapi kanyataan ieu teh
bakal ditampik, bakal loba anu marungkir utamana nu di beulah wetan,
sajarah bakal di puter balik, sanajan loba bukti anu kuat teu dipalire
)))))
Tapi, engke jaga bakal aya nu
nyoba-nyoba, supaya nu laleungit kapanggih deui, nya bisa, ngan mapayna
kudu make amparan. Tapi anu marapayna loba nu arieu aing pangpinterna.
Mudu aredan heula.
Engke bakal rea nu kapanggih, sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang.
(((((Dina mangsa ieu, bakal aya anu
nyoba-nyoba deui pikeun ngumpulkeun sajarah jeung elmu warisan karuhun,
nya bisa bakal kaparanggih deui tapi anu mapay eta elmu karuhun teh kudu
jalma anu handap asor teu umaki asa aing pangpinterna (mapayna kudu
make amparan). Ieu jadi hiji jawaban ku naon kolot-kolot urang baheula
boga elmu anu luhung kadang teu kaharti ku pikir teu kahontal ku akal da
meureun waktu diajarna dibarengan ku sikep paripolah jeung hate anu
bersih karena Allah (make amparan). Karuhun urang baheula mah boga elmu
linuhung tapi leumpang tetap tungkul ka bumi. Ari jalma jaman ayeuna?
Boga elmu saeutik ge leumpangna geus dangah ka langit bari nangtang nu
kawasa.
Saha ari nu dimaksud raja panyelang? Aya
kamungkinan raja-raja ti Karajaan Majapahit, sabab salah sahiji raja
anu mashur kalayan ngabogaan karajaan anu bisa ngawasa saantero
nusantara ngan karajaan Majapahit. Jeung mun nitenan kecap “raja
panyelang”, berarti ieu raja teh moal lila kakawasaana, sabab bakal
digantikeun ku raja sejen)))))
Aya nu wani ngorehan terus, teu
ngahiding ka panglarang; ngorehan bari ngalawan, ngalawan bari seuri,
Nya eta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu satangtung,
kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang.
Ari ngangona ?
Lain kebo lain embe, lain meong lain
banteng, tapi kalakay jeung tutunggul. Iyana jongjon ngorehan,
ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun, sabab acan wayah
ngalakonkeun. Engke mun wayah jeung mangsana, baris loba nau kabuka
jeung rareang marenta dilalakonkeun.
(((((Tapi sanajan dilarang ku raja
panyelang, aya anu tetep wani ngorehan sajarah jeung elmu karuhun. Saha?
Nyaeta budak angon. Saha ari ieu budak angon…ke bakal coba diterangkeun
dina bait anu saterusna, sabab kecap budak angon teh sababaraha kali
dikedalkeun ku Prabu Siliwangi. Ieu budak angon teh kacida istimewa,
sabab kagolong salah sahiji anu didatangan ku Prabu Siliwangi kusabab
ngabogaan ciri-ciri anu disebutkeun ku Prabu Siliwangi)))))
Tapi mudu ngalaman loba lalakon, anggeus
nyorang : undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon. Lilana
saban jaman, sarua jeung waktu nu nyukma, ngusumah jeung nitis, laju
nitis dipinda sukma.
(((((Saban jaman aya pangeusina
sewang-sewangan, tiap jaman boga lalakon; eta lalakon bakal ganti mun
jaman oge ganti (conto : lalakon di tahun 60-an moal sarua jeung di taun
2010 boh dina model pakean, gaya hirup, jll) Ku kituna tinggal pilih
urang anu kudu bisa ngigeulan jaman atawa urang anu bisa ngigeulkeun
jaman. Naha jaman anu ngatur lalakon atau sabalikna lalakon anu ngatur
jaman? Tapi kadang kaayaan di hiji jaman sok kaalaman deui dina jaman
sejen. Contona : di taun 60-an rahayat urang loba nu ngantri sembako,
kusabab jaman anu werit. Kaayaan itu karandapan dina mangsa reformasi
dimana rahayat kudu ngantri minyak jeung sembako)))))
Darengekeun !
Nu kiwari ngamusuhan urang, jaradi
rajana ngan bakal nepi ka mangsa : “tanah bugel sisi Cibantaeun dijieun
kandang kebo dongkol.”
Tah didinya, sanagara bakal jadi
sampalan, sampalan kebo barule, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk
di alun-alun. Ti harita, raja-raja dibelenggu.
Kebo bule nyekel bubuntut, turunan urang narik wuluku, ngan narikna henteu karasa sabab murah jaman jeung seubeuh hakan.
(((((Dina mangsa ieu, mimiti kaum
penjajah datang ka nagara urang, dimimitian ku Portugis, Inggris terus
Belanda, mimitina mah ieu penjajah teh ngan datang pikeun dagang tujuana
mah rek ka Maluku tapi eureun heula di Banten (tanah bugel sisi
Cibantaeun dijieun kandang kebo dongkol). Tapi antukna mah sanagara jadi
dijajah (sanagara jadi sampalan, sampalan kebo barule), ieu penjajah
teh diparentah ku para menir/gubernur jangkung anu marentah di puseur
kota tempat pamarentahan (alun-alun), ti harita raja-raja urang teu bisa
walakaya. Para bupati/demang bangsa urang tetep marentah tapi
dikendalikeun ku penjajah (kebo bule nyekel bubuntut, turunan urang
narik wuluku) tapi bangsa urang pasrah sabab penjajah jeung pamingpin
pribumi masih merhatikeun sandang jeung pangan kabutuhan rahayat.
Numutkeun ahli-ahli sajarah, Belanda teh salah sahiji penjajah anu
pinter, manehna ngajajah tapi awalna rahayat teu loba nu sadar jeung
ngalawan kusabab manehna ngajajah ngamangfaatkeun pamimpin-pamimpin
pribumi di tingkat handap saperti bupati, wadana, demang, jsb; jadi keur
rahayat mah asa teu dijajah. Ieu ngabuka hiji rahasia kunaon elmu-elmu
karuhun sunda teh sok jiga anu disumputkeun, karuhun urang tara
ngajarkeun elmu sacara terang-terangan, tapi sok dibungkus jeung
disumputkeun dina wangun siloka, kawih, pupuh, uga, jrr. Kusabab? Sabab
saha wae anu kapanggih ngawariskeun elmuna bakal dirogahala ku penjajah.
Jadi, didieu penjajah teh henteu bodo, urang Belanda teh geus apaleun
kana bahayana lamun eta elmu-elmu warisan karuhun sunda teh nepi ka
sumebar)))))
Ti dinya, wuluku ditumpakan kunyuk; laju
turunan urang aya nu lilir. Tapi lilirna cara nu kara hudang tina
ngimpi. Ti nu laleungit, tambah loba nu kapangih, tambah loba nu
manggihna. Tapi loba nu pahili. Nya kabawa nu lain mudu diala.!
Turunan urang loba nu henteu engeuh, yen jaman ganti lalakon !
Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngalanteur pamuka jalan; tapi jalan nu kasingsal.
Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun jadi suwung, kebo bule kalalabur : laju sampalan nu diranjah monyet!
(((((Mangsa ieu jaman ganti deui
lalakon! Bangsa Jepang (kunyuk) datang, ku bangsa urang dibageakeun,
dianggap pahlawan jeung dulur kolot bakal ngabebaskeun tina penjajahan
Belanda, Bangsa urang ngadukung Jepang pikeun ngalawan tur ngabuburak
Belanda, tapi nyata salah sabab Jepang oge sabenerna sarua datang ka
nagara urang teh rek ngajajah (panto nutup di buburak ku nu ngalanteur
pamuka jalan; tapi jalan nu kasingsal). Penjajah Belanda kalabur ka
nagarana, ayeuna ganti anu ngawasa bangsa urang teh monyet (Jepang))))))
Turunan urang ngareunah seuri, tapi
seuri henteu anggeus, sabab kaburu : warung beak ku monyet, leuit beak
ku monyet, kebon beak ku monyet, sawah beak ku monyet, huma di acak-acak
ku monyet, cawene rereuneuh ku monyet. Sagala-gala diranjah ku monyet.
Turunan urang sieun ku niru-niru monyet.
“Panarat” dicekel ku monyet bari diuk dina bubuntut. Wulukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh kalaparan.
(((((Bangsa urang atoh pisan (ngeunah
seuri) sabab ku kadatangan Jepang lir ibarat geus bisa bebas tina
penjajahan Belanda. (Tapi seuri henteu anggeus) sabab bangsa urang
kakara sadar yen ieu bangsa Jepang teh sarua datangna kadieu teh rek
ngajajah oge, malahan leuwih garang, sagala anu aya di bangsa urang
dibadog, dirampog, tuluy diangkut. Hasil kebon, sawah, huma dipaling.
Bangsa urang dijajah tur dikandalikeun deui ku Jepang, nepi ka rahayat
urang loba anu nelasan pati lantaran jaradi romusha. Bangsa urang ayeuna
ganti anu ngandalikeun, bangsa Jepang anu marentah (panarat dicekel ku
monyet) )))))
Ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep
pelak jagong, sabari nyayahoanan maresek caturangga. Henteu arengeuh,
yen jaman geus ganti deui lalakon.
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara kaler ngaguruh, galudra megarkeun endog. Genjlong saamparan jagat!
(((((Ti dinya bangsa urang ngayakeun
perlawanan ku cara fisik jeung diplomasi, sabari eta bangsa urang geus
mimiti nyobaan nyusun dasar nagara – nyaeta Pancasila ayeuna – lamun
engke merdeka (nyanyahoanan maresek caturangga), tapi penjajahan ku ieu
Jepang teh teu pati lila ngan saukur 3,5 tahun (ngarep-ngarep pelak
jagong, umur jagong dikiaskeun 3,5 bulan = 3,5 taun). Jaman bakal ganti
deui lalakon! Iraha? Saeunggeus Sekutu anu dipimpin ku Amerika nurunkeun
bom Atom di Hiroshima jeung Nagasaki (ti tungtung sagara kaler ngaguruh
= posisi jepang lamun di tingali dina peta ayana dina kalereun
Indonesia, jauh di tuntung samudera pasifik) (galudra = lambang nagara
Amerika –anu mangsa harita jadi pimpinan sekutu, komandana Laksamana
Eisenhower– mangrupa manuk garuda, megarkeun endog = nurunkeun bom atom
nepi ka ngaratekeun ieu 2 kota penting kakaisaran Jepang). Numutkeun
panuturan saksi anu ngalaman eta mangsa, saking rohakana eta bom atom,
gempana nepikeun ka karasa Indonesia = genjlong saamparan jagat!). Ieu
kajadian teh bisa muterbalikeun kanyataan anu tadina penjajah Jepang anu
ngawasa ayeuna sekutu anu ngawasa, peta kakawasaan perang dunya
robah).)))))
Ari di urang !
Rame ku nu mangpring. Prang-pring
sabulu-bulu gading. Monyet ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan
urang; ngamukna teu jeung aturan.
Loba nu paraeh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur ; puguh batur, disebut musuh.
Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu
marentah cara nu edan. Nu bingung tambah baringung ; barudak satepak
jaradi bapa. Nu ngaramuk tambah rosa ; ngamukna teu ngilik bulu. Nu
barodas di buburak, nu harideung disieuh-sieuh. Mani saheng buana urang,
sabab nu ngaramuk, hanteu beda tina tawon, dipalengpeng keuna
sayangnya.
Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih; nu nyapihna urang sabrang.
(((((Ari di nagara urang, rame ku anu
kabur, kabur sajadi-jadina, tentara Jepang teu walakaya, serah bongkokan
ka Sekutu (monyet ngumpul ting rumpuyuk). Sawareh aya anu balik kabur
ka nagarana, sawareh tetep cicing di nagara urang sabab wirang mun balik
bari eleh. Ari bangsa urang? Ngamuk nguwak-ngawik males ka bangsa
Jepang, tapi hanjakal deui loba anu salah sasaran sabab bangsa urang
salian kudu nyanghareupan jepang oge kudu nyanghareupan Sekutu anu
ngabonceng Belanda ditambah ku lobana pemberontakan di jero nagri anu
asalna mah balad urang tadina. Republik ieu jadi tempat jagal jeung
sampalan perang anu rohaka. Tapi….kaburu aya nu nyapih nyaeta bangsa
luar make jalur perundingan (Linggarjati, KTN, Renville, sakabehna di
sapih ku urang luar : Amerika, Australia, Belgia, jst).)))))
Laju ngajeg deui raja, asalna jalma
biasa. Tapi memang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji
putri pulau dewata. Da puguh titisan raja; raja anyar hese apes ku
rogahala!
(((((Anu di maksud RAJA dina ieu bait
teh nyaeta SUKARNO, presiden ka hiji RI. Anjeunana memang jalma biasa
tapi sabenerna asli turunan raja. Ibuna I Dayu Nyoman Rai asalna ti
Pulau Dewata (Bali) turunan Raja Singaradja anu ngayakeun perang Puputan
ngalawan kakawasaan Belanda (baca : Sukarno An Autobiografi As Told by
Cindy Adam). Sedengkeun ramana Raden Sukemi Sastrodiningrat, nyaeta
turunan raja/sultan ti Kediri. Ku kituna Sukarno teh memang bener-bener
titisan raja anu hese dirogahala jeung bakal mimpin rahayat ngalawan
penjajah.)))))
Ti harita, ganti deui jaman. Ganti jaman
ganti lalakon; Iraha? Henteu lila, anggeus tembong bulang ti beurang,
disusul kaliwatan ku bentang caang ngagenclang. Di urut nagara urang,
ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung rajana lain
tuereuh Pajajaran.
(((((Proklamasi Kamerdekaan RI (bulan ti
beurang = bulan ramadhan; bulan sucina umat Islam) Proklamasi poe
jumaah jam 10 isuk-isuk (bentang caang ngagenclang). Dugi ka kiwari
Bentang jeung Bulan sok dijieun simbol anu aya patula patalina jeung
Islam.
Dina ieu bait, anu dimaksud karajaan di
jeroeun karajaan teh nyaeta Darul Islam (DII/TII) pimpinan S.M.
Kartosuwiryo anu boga maksud pikeun ngadegkeun Negara Islam Indonesia,
Kartosuwiryo memang lain turunan ti Pajajaran. Tapi ieu nagara anyar teh
bisa ditumpes ku Siliwangi jeung rahayat Jawa Barat ku jalan ngayakeun
pager bitis.)))))
Laju aya deui raja, raja buta nu
ngadegkeun lawang nu teu meunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang
di tutup, nyieun pancuran di tengah jalan. Miara heulang dina caringin.
Da raja buta ! Lain buta duruwiksa, tapi
buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing garong eujeung monyet
ngorowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani ngageuing : nu diporog
mah lain satona, tapi jelema anu ngelingan.
(((((Saha ieu raja anyar teh? Saha deui
lamun lain SUHARTO…Inyana geus ngadegkeun karajaan sorangan anu
sawenang-wenang (otoriter), marentah kumaha aing. Loba anu jaradi
korban, rahayat jeung tokoh anu nyobaan ngelingan malah dituduh rek
ngalawan ka nagara (subversif), eta jalma ditewak (diporog) terus
diasupkeun kana pangberokan (panjara). Miara heulang dina caringin
(heulang = pancasila, caringin = salah sahiji partai anu gambarna
caringin). Jadi ieu raja teh jadi kuat ku sabab make tameng pancasila
anu didukung ku partai caringin.)))))
Mingkin hareup mingkin hareup, loba buta
nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju bubuntut salah nu ngatur,
panarat pabeulit dina cacadan ; da nu ngawulukuna lain jalma tukang
tani. Nya karuhan : tarate hepe sawareh, kembang kapas hapa buahna; buah
pare loba nu asup kana aseupan …
Da bonganna, nu ngebonna tukang barohong ; nu tanina ngan wungkul jangji ; nu palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.
(((((Ieu buta anu dipimpin ku Raja anyar
teh beuki ngagalaksak, KKN geus jadi budaya anyar. Kakawasaan jeung
harta dunya geus jadi berhala anyar, anu terus dikumpulkeun, diteangan
tur disembah. Nagara anu meunang hese cape merjoangkeun teh jadi
awut-awutan teu pararuguh kusabab nagara loba dicekel ku jalma lain
ahlina, ulama loba nu kasasar lampah kabadi ku elmuna, tentara malik
jadi musuh rahayat sabab milu ancrub ka politik (bubuntut salah nu
ngatur, panarat pabeulit dina cacadan, da nu ngawulukuna lain jalma
tukang tani), cindekna mah ieu raja teh loba salah nendeun jalma (henteu teh right man on teh right place).
Di jaman ieu raja, para pamingpina teh
ngan ukur bisa ngabohong jeung ngobral janji, rahayat di jangjikeun rek
kitu-rek kieu (kampanye) ari geus kapilih mah rahayat teu dipalire sama
sakali. Loba jalma pinter, tapi pinterna kabalinger, bisana ngan nipu
jeung ngabobodo rahayat anu memang bodo).)))))
Ti dinya datang budak janggotan.
Datangna sajamang hideung, bari nyoren kaneron butut, ngageuingkeun nu
keur sasar, ngelingan ka nu paroho. Tapi henteu diwawaro !
Da pinterna kabalinger, harayang meunang
sorangan. Arinyana teu arengeuh, langit anggeus semu beureum, haseup
ngebul tina pirunan.
Boro-boro dek ngawaro, malah budak
janggotan, ku ariyana di tewak diasupkeun ka pangberokan. Laju ariyana
ngawut-ngawut dapur batur, majarkeun neangan musuh; padahal ariyana
nyiar-nyiar pimusuheun. Sing waspada ! Sabab engke ariyana, bakal nyaram
Pajajaran di dongengkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana ariyana
anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat.
(((((Dina mangsa ieu aya sabagean
kalangan Islam (tokoh ulama/ustad=budak janggotan) anu nyobaan ngelingan
ka raja anu keur sasar. Tapi eta raja anu keur sasar teh tibatan nurut
malah malik ngewa, eta budak janggotan teh ditewak tuluy diasupken ka
penjara. Ieu balad raja buta memang lolobana pinter kabalinger,
kapinterannana dipake jang nindes rahayat. Maranehannana teu sadar yen
kajayaan sakeudeung deui bakal runtuh, jaman bakal robah. Sabab rahayat
anu kuciwa bakal nungtut ieu raja ngarah diturunkeun.
“Nyaram Pajajaran di dongengkeun” ieu
geus jadi rahasia umum, yen di jaman Suharto hampir kabeh sajarah teh
loba anu kasingsal, loba anu dijiuen salah, loba anu diputerbalikeun
keur kapentingan jeung kakawasaannana. Sajarah anu asli tur lempeng
bener satekah polah dihalangan atawa dileungitkeun (sejarah Supersemar,
Sejarah Gerakan G30S/PKI, sajarah Perang Bubat, jrr). Sabab lamun ieu
sajarah kabuka terus dilempengkeun deui, maka raja Buta bakal kanyahoeun
sagala talajak gorengna, sabab manehanana anu sabenerna jadi pangkal
sabab kaancuran ieu nagara.)))))
Buta-buta nu baruta; mingkin hareup
mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bule. Ariyana teu nyaraho, yen harita
teh jaman geus asup kana jaman : jaman sato. Jaman manusa dikawasaan ku
sato !
Jayana buta-buta henteu pati lila; tapi,
bongan kacida teuing nyangsara ka somah, loba somah anu pada
ngarep-ngarep caringin rentas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal,
wadal pamolahna sorangan.
(((((Ieu buta-buta balad raja buta sasar
teh beuki ngagalaksak wae, kalakuanna dina nyangsarakeun rahayat teh
estuning geus ngaleuwihan para penjajah bangsa deungeun anu baheula
ngajajah urang. Ieu jaman memang teu beda ti jaman sato, hukum anu aya
ngan hukum rimba, halal-haram geus teu dipalire, anu aya buta-buta teh
terus-terusan ngumpulkeun harta jeung kakawasaan. Tapi……..rahayat anu
geus teu tahan mimiti ngalawan, tahun 1998 partai caringin jeung sagala
kakawasaannana runtuh, di mimitian di Jakarta (gedong MPR) terus
ngarembet ke saantero nusantara (caringin reuntas di alun-alun). Ieu
raja buta diturunkeun sacara paksa. Buta-buta anu baheula kawasa teh
antukna mah ayeuna jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan, aya anu
ditewak di asupkeun ka pangberokan, aya anu ngajuralit tina
kakawasaanana.)))))
Iraha mangsana ?
Engke mun geus tembong budak angon !
(((((Saha anu di maksud budak angon dina
bagean ieu? Nyaeta teu lian para reformis jeung mahasiswa anu dipimpin
ku tokoh reformasi, ieu tokoh reformasi anu memang ti baheula oge teu
resep ka ieu raja buta tur terus-terusan ngalawan. Tapi saha anu
dimaksud budak angon (tokoh reformasi) dina ieu bait? Teu kauninga
sacara pasti, sabab budak angon mah tara nembongkeun diri, tapi inyana
ngabogaan pangaruh anu luar biasa keur rahayatna.
Ti dinya loba nu ribut; mimiti ti jero dapur, ti dapur laju salembur, ti lembur jadi sanagara!
Nu barodo jaradi gelo marantuan nu garelut, di kokolotan ku budak buncireung !
Matakna gareleut? Marebutkeun warisan. Nu hawek hayang panglobana; nu teu hawek hayang loba; nu boga hak marenta bageanana.
Ngan anu areling caricing. Ariyana mah ngalalajoan. Tapi kaborerang.
(((((Datang Reformasi, rahayat asa bebas
merdeka, atoh geus leupas tina belenggu anu salila ieu pageuh meulit
dina awak. Jalma ribut teu puguh, ngadadak loba jalma anu ngaku
pahlawan, asa aing reformis anu milu merjoangkeun turuna raja buta.
Jalma-jalma ribut narungtut bagean nagara anu baheula mah boro-boro
kabagean, ieu hayang jadi raja, ieu hayang patih atawa punggawa
(Presiden, Wapres, Menteri, jll). Ari rahayat dihandap?saruana oge, milu
ribut jeung garelut!!
Saha ari jalma anu areling? Nyaeta jalma
anu nyaho kana eusi nagara anu sajati, anu apal kana sajarah. Jalma anu
kasipuh ku pangaweruh, kapatri ku pangarti. Anjeuna mah teu pipilueun
tapi anggeur katepaan buntut maung, kapecretan geutahna.)))))
Nu garelut laju rareureuh. Laju kakara
arengeuh kabeh ge taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabeh beak,
beak ku nu nyarekel gadean.
(((((12 taun reformasi, jalma-jalma
masih keneh can sadar yen maranehanana teh sabenerna keur marebutkeun
paisan kosong. Kabeh ge sabenerna euweuh anu meunang bagean. Sabab
saestuna warisan (NAGARA) ieu teh geus BEAK!!!. Beakna ku saha? Nya ku
saha deui lamun lain ku buta-buta jaman Raja Buta. Maranehana geus
ngagadekeun nagara ieu ka bangsa deungeun (inget hutang nagara anu luar
biasa badagna). Inget kumaha laku lampah pamingpin anu nungtut ngajualan
aset nagara ka bangsa deungeun (privatisasi). Minyak jeung pakaya
bangsa urang sejena beak dikeruk ku bangsa dengeun, anak incu turunan
urang mah boa kabagean meureun, da lolobana mah diangkut ka nagara
batur. Ieu balukar laku lampah para pamingpin urang anu ngagadekeun
nagara ka bangsa dengeun. Jadi nagara urang teh bener-bener geus
digadekeun)))))
Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi
kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju nareangan
budak angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu
dihateupan ku handeuleum di tihangan ku hanjuang.
(((((Reformasi…reformasi…..anu
dihareupkeun mawa parobahan jeung katingtriman teh tetela nyamos tina
harepan. Reformasi malah jadi RefotNasi. Nagara urang malah tambah
awut-awutan, hirup euweuh mendingna, harga sandang pangan beuki mahal,
jalma nu korupsi beuki ngalobaan jeung geus euweuh kaera –make aya
korupsi berjamaah, kaayaan rahayat saperti balik deui ka Taun 1945/1960.
Antukna loba rahayat handap anu mikir, mendingan keneh keur jaman
diparentah ku Raja Buta, masing bedegong oge tapi kahirupan rahayat
aman, henteu heureut pakeun pungsat bahan cara ayeuna. Akhirna mah ieu
buta-buta teh bakal ngahiji deui (kondolidasi) pikeun malikkeun
kakawasaan anu sempet leupas. Ngahijina ieu buta-buta teh tangtu dina
wanda (rupa) anu anyar, sabab mun make kedok baheula mah rahayat pasti
sieuneun.
Ti dinya nu garelut teh mimiti
kareueung….sieun diarah ku buta, sieun ditempuhkeun leungitna nagara.
Antukna ieu nu garelut teh neangan budak angon deui, saha ari budak
angon dina mangsa ieu? Cing wang coba gambarkeun saeutik….
Budak angon, ari budak
teh hartina abid atawa abdi, anu ngucur kesangna lantaran kudu terus aya
berjuang di tengah-tengah rahayatna. Jadi ieu budak angon teh nyaeta
jalma anu gawena ngabdi. Ngabdi ka rahayat, ngabdi ka sasama, ngabdi ka
bangsa/nagara tur ngabdi ka nu Maha Kawasa. Ieu budak angon dina
saengoning pangabdiannana teh saestuna sepi ing pamrih rame ing gawe,
teu pernah menta buruh atawa menta naon-naon estu ikhlas tur rido. Ari
kecap angon, -nyambung kana bait awal– ngangona teh kalakay jeung
tutunggul. Naon ari kalakay jeung tutunggul? Kalakay jeung tutunggul
dikiaskeun didieu kana kertas jeung pulpen. Jadi ieu budak angon teh
jalma anu gawena ngumpulkeun kertas jeung pulpen, atawa sacara jelasna
mah ieu budak angon teh jalma anu resep neangan elmu pangaweruh, resep
ngumpulkeun sajarah jeung jalma anu terpelajar. Tapi naha anu mawa
parobahan nagara jeung sok aya dina unggal-unggal mangsa teh ngan saukur
budak angon (abdi/abid)?lain pamingpin atawa raja?sabenerna mun urang
pernah maca tulisan salah saurang sosiolog Iran. Anjeuna nerangkeun yen
anu bisa mawa hiji bangsa kana revolusi teh lain ti golongan pamarentah
atau elmuwan. Jalma anu bisa mawa rahayat pikeun revolusi teh ngan jalma
biasa, tapi ieu jalma biasa teh aya terus di tengah-tengah rahayat,
gawe langsung jeung rahayat, jadi bisa ngagerakeun rahayat kana
parobahan. Atanapi dina sebatan Antonia Gramsi mah jalma nu disebut Intelectual Organic.
Saungna di birit leuwi,
hartina saung = imah/tempat cicing; birit leuwi = tungtung leuwi.
Berarti ieu budak angon mun rek indit atawa balik kudu bisa meuntasan
eta leuwi. Ieu teh simbol yen budak angon saungna di birit leuwi teh
nyaeta jalma anu bisa leumpang/asup jeung ditarima di rupa-rupa tempat
jeung golongan. Jadi ieu budak angon teh lain jalma fanatik anu ngan
ukur merjoangkeun golongana/partaina wungkul tapi sanggup berjoang jeung
sagala pihak pikeun kapentingan sakabeh rahayatna.
Pantona batu satangtung,
batu=barang alam anu kacida teuas. Hartina ieu budak angon teh boga
pamadegan anu kacida kuat, teguh pancuh lir ibarat batu, teu gampang
gedag kaanginan teu unggut kalinduan. Ieu budak angon teu daek diajak
kompromi kana jalan anu salah.
Dihateupan ku handeuleum di tihangan ku hanjuang,
hartina ieu budak angon teh nyumput buni dinu caang, aya bareng jeung
urang tapi teu kawentar sakabeh jalma apal, jalmana sabenerna luar biasa
tapi ngaku jalma biasa. Ieu budak angon teh ulah dibayangkeun jalma anu
kawentar anu sakabeh rahayat apaleun, malah inyana oge teu apaleun
atawa teu pernah ngaku lamun dirina teh budak angon.)))))
Nareangan budak tumbal, Tapi, sejana dek
marenta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, enggeus narindak
babarengan jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan,
parindah ka Lebak Cawene !!
Nu kasampak ngan kari gagak, keur ngelak dina tutunggul.
(((((Budak angon kaayanana pikasediheun,
kusabab teu dipalire jeung dimusuhan wae ku pangawasa ahirna ngahiji
bareng jeung budak janggotan miang indit ka Lebak Cawene misahkeun diri.
Misahkeun diri ieu teh bisa ku sababaraha sabab, bisa kulantaran geus
teu tahan ku sistem pamarentahan anu geus bener-bener ancur. Atawa
duanana pindah keur ngahindarkeun tina kadzoliman pagawasa harita, di
tempat anu anyar ieu budak angon jeung budak janggotan bisa bisa
ngawujudkeun naon anu salila ieu jadi harepan nyaeta nagara anu gemah ripah loh jinawi.
Ngeunaan budak angon jeung budak janggotan, aya kapercayaan anu datangna di beulah wetan dicutat tina salah sahiji blog :
“Aura “dua sosok” tersebut ada pada dua
orang Jawa berdarah Sunda pengikut Rasulullah Muhammad SAW melalui Prabu
Kian Santang, dan dalam menapak menjalankan ajaran Sunan Kalijaga dan
Sunan Gunung Jati. Secara hakekat fenomena ini melambangkan bahwa “dua
sosok” beliau adalah berasal dari Trah Pajajaran-Majapahit. Sehingga
setidaknya terjawab sudah apa yang telah diwangsitkan oleh Prabu
Siliwangi dalam “Uga Wangsit Siliwangi” berkenaan dengan sosok “Budak
Angon dan Pemuda Berjanggut yang mengenakan pakaian serba hitam
bersandangkan sarung tua”. Dua sosok tersebut mewakili keturunan Prabu
Siliwangi yang pergi menuju ke arah Timur.” Dalam kitab Musasar Jayabaya
bab Sinom disebutkan bahwa kedua sosok tersebut berhati putih namun
masih tersembunyi dan Pemuda Berjanggut adalah keturunan Prabu Siliwangi
yang Islam dan sangat bertauhid.
Tak perlu penasaran siapa sejatinya
beliau. Karena beliau “dua orang” tersebut tidak akan muncul di
permukaan sebelum misi yang dijalankannya paripurna. Missi tersebut
berkenaan dengan “Persatuan Umat” dan untuk ingat kembali akan
“Ke-Tuhan-an Yang Maha Esa”. Jangan dibayangkan “beliau” akan harus
berhadapan dengan jutaan umat di nusantara ini. Namun dalil yang berlaku
pada “beliau” adalah : “Nglurug tanpa bala, menang tanpa ngasorake”.
Sampai kapanpun “beliau” tidak akan mengaku dan tidak mengetahui bahwa
dirinya sebagai sosok “Satria Piningit” itu. “beliau” tengah berjalan
dari Timur menuju Barat, meluruskan kembali apa yang salah diantara
Majapahit dan Pajajaran (khususnya kejadian Perang Bubat). Prinsipnya
banyak hal yang perlu diluruskan berkenaan dengan sejarah nusantara ini.
Karena kepentingan pihak-pihak tertentu pasca keruntuhan Majapahit.
Sampai dengan dekade ini banyak sejarah yang telah diputarbalikkan
ataupun dibengkokkan. Secara empirik catatan atau bukti sejarah boleh
hilang, namun di alam kegaiban catatan sejarah nusantara ini tidak dapat
dihapus. Tak salah kiranya kembali apa yang tertulis di dalam Uga
Wangsit Siliwangi :”Dengarkan! Jaman akan berganti lagi, tapi nanti,
setelah Gunung Gede meletus, disusul oleh tujuh gunung. Ribut lagi
seluruh bumi, Orang Sunda dipanggil-panggil, Orang Sunda memaafkan. Baik
lagi semuanya. Negara bersatu kembali. Nusa jaya lagi, sebab berdiri
ratu adil, ratu adil yang sejati.”
Ngan anu jelas ieu budak janggotan teh
turunan Prabu Siliwangi anu milu ka beulah wetan, anjeuna bakal mawa
ajaran anu ngutamakeun Tauhid ka Allah SWT, sabab poko pangkal
karuksakan ieu nagara teh kusabab manusa geus poho kanu nyiptakeunnana,
loba kamusyrikan di mana-mana, manusa nyarembah pangkat jeung kadudukan.
Ajaran Tauhid anu murni geus jadi barang langka. Budak janggotan bakal
datang deui pikeun ngelingan tur meresan ieu kaayaan tapi bari tetep
hormat ka karuhunna.)))))
Darengekeun !!
Jaman bakal ganti deui. Tapi engke, amun
gunung Gede anggeus bitu di susul ku tujuh gunung. Genjlong deui
sajajagat. Urang Sunda disasambat, urang Sunda ngahampura. Hade deui
sakabehanana. Bangunan ngahiji deui. Mangsa jaya, jaya deui; sabab Ratu
anu anyar, Ratu Adil sajati. Tapi Ratu saha ? Ti mana asalna eta Ratu ?
Engke oge dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia eta budak angon ! Jig, geura narindak ! Tapi, ulah ngalieuk ka tukang !
(((((Ieu bagean wangsit Siliwangi acan
bisa kagambarkeun sacara jelas. Tapi kecap gunung, ieu ngalambangkan hal
yang luar biasa, anu rongkah. Mun hiji gunung bitu mamalana luar biasa,
komo mun tujuh gunung, bisa genjlong ieu nagara. Mun teu salah
ngartikeun, revolusi bangsa urang bakal di mimitian ku karusuhan anu
muncul di tanah sunda/atawa salah sahiji kota/pulau di tanah sunda
(dilambangkan ku gunung gede), terus ngarembet ka wilayah (kota/pulau)
sejena (dilambangkeun ku 7 gunung anu sejena). Berarti oge bakal aya
kajadian anu ngakibatkeun urang sunda ngamuk terus nusantara jadi rame.
Kunanon kecap “gunung gede” bitu teu dihartikeun saujratna? Sabab bakal
teu nyambung jeung kalimat “urang sunda disasambat, urang sunda
ngahampura” anu artina didieu urang sunda ngambek terus misahkeun diri
tina bengkeutan, terus dimenta balik deui, urang sunda ngahampura terus
balik deui kana bangkeutan, nusantara jadi ngahiji deui. Nya dina mangsa
eta, Ratu Adil anu salila ieu diteangan bakal kapanggih –ku urang Jawa
mah ieu ratu Adil teh sok disaruakeun jeung Satria Piningit—tangtu
munculna Ratu Adil ieu teh kulantaran pituduh ti budak angon. Prabu
Siliwangi teu pernah ngabejaan saha ieu Ratu Adil (saha? Timana?), tapi
ngan mere parentah pikeun neangan budak angon, sabab budak angon ieu anu
bakal jadi konci utama jeung nu nungtun urang pikeun manggihan Ratu
Adil anu sajati. Tapi dina mangsa neangan budak angon jeung Ratu Adil
eta urang ulah sakali-kali ngalieuk ka tukang dina artian ulah ningali
ka tukang, ka mangsa anu geus kaliwat jeung ulah ngungkit-ngungkit
pangalaman katukang)))))
Panutup
Jelas kagambar dina ieu uga, urang sunda
anu bakal nyekel pancen pikeun memeres ieu nagara anu geus ruksak.
Iraha? Teuing, ngan nu jelaslah mah urang kudu terus usaha pikeun
ngomean ieu nagara tapi sakali-kali ulah ngungkit-ngungkit hal-hal anu
geus kaliwat. Ayeuna mah anu paling penting sakabeh urang sunda kudu
baralik deui ngorehan elmu karuhuna (Pajajaran) tah didinya bakal nepi
heula kana uga Bandung “Sunda nanjung mun anu pundung ka Cikapundung
geus baralik deui”—artina mun sakabeh komponen kasundaan geus ngahiji
deui, kakara Sunda bakal nanjung. Jeung tugas penting sejena nyaeta
urang kudu neangan eta budak angon dimana ayana, mun geus kapanggih kudu
didukung ku sarerea. Mudah-mudahan!))))
Dina salah sahiji Uga aya uninga jiga
kieu “Nagara urang bakal aman, mun urang jawa tinggal separo, urang
belanda tinggal sajodo, urang cina pada lungo” Hartina? Eta mah gampang
tinggal terjemahkeun pake kamus wae.